BLOGGER TEMPLATES AND TWITTER BACKGROUNDS

19 Maret 2008

Hate?

Caah cimata
Nyasaak,
Hate?
Ancur

poek;peuting
ngadalingding,
hate?
Ancur

beureum-bodas
neunggar cadas,
hate?
Ancur

teu kuat nangenan
nyinglar lamunan,
hate?
Ancur

nyiriwik
ngahinis batin,
hate?
Ancur

ngadago
nu bareto,
hate?
Ancur

euweuh harti
tapi teu ngarti,
hate?
Ancur

16 Maret 2008

Anjeun;Kuring

Meureun anjeun teu nyadar;

Anjeun,nganyerikeun kuring
Anjeun,ngagurat hate kuring
Anjeun,mawa tapak kahirupan kuring
Anjeun,ngahudangkeun rasa kagimbir kuring
Anjeun,melak carita katresna kuring
Anjeun,malikeun bagja jadi kasedih kuring
Anjeun,ngabudalkeun kasono jadi kapeurih kuring
Anjeun,mere harepan jadi panglamunan kuring
Anjeun,nyieun poe panganggeusan kageugeut kuring
Anjeun,nyipta katunggara ka diri kuring
Anjeun,geus jauh ti kuring
Anjeun...

Naha atuh;

Kuring micinta bae anjeun
Kuring emut bae ka anjeun
Kuring teu bisa nyinglar kahayang ka anjeun
Kuring hese mopohokeun anjeun
Kuring,teu kuat ukur cicing pasrah maturan hate nu ngait meungkeut kapeurih kusabab teu bisa marengan anjeun
Kuring...

Cimata Lamunan

Kacinta kuring ngampleng na silir hawa peuting
naratas pangjugjugan
ngaraut implengan
meupeuskeun galura lamunan
ngamuara ditungtung cipanon
milang lalakon
nu natrat mapaes hate
sugan jaga
sugan jaga
sarupaning kekembangan
nyanggemkeun katresna
nyorang lengkah
meungkeut harepan
na talaga nu ngait pasini
duh teuing..
Jungjunan
endah teh sakadar impenan
samagaha ngaganti sagalana
peuting nu bengras sakiceup ngadadak poek
hudang tina amparan panglamunan;
ret ka kenca
ret ka katuhu
clak..Cimata ngeclak
lambakna ngagebrag
caahna ngeset jauh kana jero jajantung
nu aya
nu nyata
anjeun teh geus jauh...