BLOGGER TEMPLATES AND TWITTER BACKGROUNDS

10 Maret 2008

Hampura gusti

Mun kuring tumanya,
naha bisa mangsa katukang kasorang deui?
Mungguh hate asa beurat geuning!
Mun kuring tumanya,
naha aya imut baheula kasampeur deui?
Mungguh teu weleh emut bae geuning!
Sakapeung,
kapoekan napakan lambaran poe
mun gusti teu ngemutan...
Meureun kuring siga baheula
leungit titincakeun.
hampura gusti;
tapi nalika ter-ngageter,tug-ngaratug,teng-ngajanteng...
Mung manehna nu aya
na kocoran pikir.

0 komentar: