BLOGGER TEMPLATES AND TWITTER BACKGROUNDS

08 Maret 2008

Cimata

Nu ngeclak ti sagara rasa
nu bahe maseuhan poe
Cimata
nyurucud galur
merebey mapay-mapay gurat nu geus kaliwat
ngancik dina ati
nincak dina rasa
tan kendat jadi pangulinan napak
tan kendat ngocoran pikir
nyawang ka palebah keclakna cimata nu munggaran
cikaracak....

0 komentar: