Langit ceurik maseuhan dunya
kerep...
Ngalimbung poe anu simpe
ngudag-ngudag surup srangenge
geus lila ngajanteng teh
ngahuleng
manteng
ka anjeun...
Dak dumadak hate asa maheut ka sawarga nu teu kaala
Cai ngeueum indung suku
marengan tiis anu nyeri
jerit nu teu nepi
gurat nu karasa
ngalimpudan meh asa kapiuhan...
Na dimana anjeun teh?
Ieu hate asa teu mere kudu pajauh
Mun beurang ngahurung balung
reup peuting ngan gulang guling
emut ka salira!
Harita basa ucap kedal rasa
anjeun teu mirosea
paciweuh ngudal kageugeut
mung raga kahalang
rupa sakujur tilam tunggara
08 Maret 2008
Emut kasalira
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar